CACARITAAN JALEMA BODO NGAWADUL SASAKALAN BALARAJA 1 Dicaritakeun dina hiji mangsa di karajaan tanah sunda, Raja jeung Putra na nuju pa réa-réa omong. Masinikeun agama anyar nu bakal datang ka tanah sunda ti nagri deungeun. Raja téh engeuh ieu pa adu omong téh moal anggeus-anggeus. Akhir na Raja téh mutuskeun, yén Putra Mahkota na dititah nyiar naon éta agama nu anyar téh nu sabenerna. Saeunggeus dibéré paréntah ku kanjeng Raja, putra raja téh teu talangké deui langsung brangkat ka Gunung Galunggung manggihan Raja Galunggung. Ngan Raja Galunggung can nyaho pasti na éta agama nu anyar teh, sa ka nyaho maneh na ngarana agama Islam, ngan sebenerna kumaha can nyaho. Trus ku Raja Galunggung teh nitah manggihan Raja naga di Cirebon. Trus putra raja teh ngajujug ka cirebon manggihan Raja Naga, ngan hanjakal Raja Naga géh can pasti ngartina ka Agama Islam nu sabenerna. Éta Raja Naga nitah ka putra raja sina manggihan Bujangga di Gunung Jati. “aya naon andika putra né Raja Sunda da...