Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari 2017

RADEN SAID SANJAYA

Saha Raden Said Sanjaya teh ?     Nurutkeun carita ti kolot mah, Raden Said Sanjaya teh muridna Ki Bayu Rekso ti Cirebon. Ditugaskeun ku Ki Bayu Rekso ka tempat nu ngarana Balaja.        Di Balaja teh minangka numpas pemberontakan jelema Badui nu rek nganguasaan tanah sunda. ieu oge anu jadi alesan ku naon Prabu Siliwangi jeung pajajaran ngahiang, pedah Prabu Siliwangi embung kajadian perang antar dulur sa sunda. saking cinta na Prabu Siliwangi ka rakyat na.      Raden Said Sanjaya di Balaja dibantuan ku Ki Rawing, Ki Alimudin jeung Ki Manik Maya Blambangan.         Pasukan Raden Said Sanjaya akhir na tiasa mukul mundur urang Badui, urang Badui teh lumpat ka gunung - gunung di Banten.        Saberes perang teh, teras bae Raden Said Sanjaya ngabangun Balaja, di jantenkeun tempat anu merenah keur kabehan.        Kulantaran loba pasukan Raden Said Sanjaya teh anu can Islam, mak...

SASAKALAN BALARAJA

CACARITAAN JALEMA BODO NGAWADUL SASAKALAN BALARAJA 1 Dicaritakeun dina hiji mangsa di karajaan tanah sunda, Raja jeung Putra na nuju pa réa-réa omong. Masinikeun agama anyar nu bakal datang ka tanah sunda ti nagri deungeun. Raja téh engeuh ieu pa adu omong téh moal anggeus-anggeus. Akhir na Raja téh mutuskeun, yén Putra Mahkota na dititah nyiar naon éta agama nu anyar téh nu sabenerna. Saeunggeus dibéré paréntah ku kanjeng Raja, putra raja téh teu talangké deui langsung brangkat ka Gunung Galunggung manggihan Raja Galunggung. Ngan Raja Galunggung can nyaho pasti na éta agama nu anyar teh, sa ka nyaho maneh na ngarana agama Islam, ngan sebenerna kumaha can nyaho. Trus ku Raja Galunggung teh nitah manggihan Raja naga di Cirebon. Trus putra raja teh ngajujug ka cirebon manggihan Raja Naga, ngan hanjakal Raja Naga géh can pasti ngartina ka Agama Islam nu sabenerna. Éta Raja Naga nitah ka putra raja sina manggihan Bujangga di Gunung Jati. “aya naon andika putra né Raja Sunda da...