Saha Raden Said Sanjaya teh ?
Nurutkeun carita ti kolot mah, Raden Said Sanjaya teh muridna Ki Bayu Rekso ti Cirebon. Ditugaskeun ku Ki Bayu Rekso ka tempat nu ngarana Balaja.
Di Balaja teh minangka numpas pemberontakan jelema Badui nu rek nganguasaan tanah sunda. ieu oge anu jadi alesan ku naon Prabu Siliwangi jeung pajajaran ngahiang, pedah Prabu Siliwangi embung kajadian perang antar dulur sa sunda. saking cinta na Prabu Siliwangi ka rakyat na.
Raden Said Sanjaya di Balaja dibantuan ku Ki Rawing, Ki Alimudin jeung Ki Manik Maya Blambangan.
Pasukan Raden Said Sanjaya akhir na tiasa mukul mundur urang Badui, urang Badui teh lumpat ka gunung - gunung di Banten.
Saberes perang teh, teras bae Raden Said Sanjaya ngabangun Balaja, di jantenkeun tempat anu merenah keur kabehan.
Kulantaran loba pasukan Raden Said Sanjaya teh anu can Islam, maka Raden Said Sanjaya teh ngajaran kabeh pasukan na ku ajaran Islam nu sabenerna. karna memang Raden Said Sanjaya ieu nyepeng Kitab Fiqih, Kitab Tauhid jeung Kitab Akidah.
hanca carita teh Raden Said Sanjaya pupus, kulantaran teu damang waler. pupus na Raden Said Sanjaya teh dihadiran ku Kangjeng Prabu Siliwangi, Ki Bayu Rekso, sareng sahabat na sadayana. sateu acan di makamkeun, Kangjeng Prabu Siliwangi nyarios, yen tempat pasarean Raden Said Sanjaya teh jadi Baleraja. Anu tadi na ieu tempat ngarana Balaja diganti jadi Baleraja. nu hartos na tempat para raja ngumpul jeung engke bakal jadi tempat na Raja Dunia.
Tapi da ieu mah dongeng jelema bodo......
Komentar
Posting Komentar