CACARITAAN
JALEMA BODO NGAWADUL
SASAKALAN
BALARAJA
1
Dicaritakeun
dina hiji mangsa di karajaan tanah sunda, Raja jeung Putra na nuju pa réa-réa
omong. Masinikeun agama anyar nu bakal datang ka tanah sunda ti nagri deungeun.
Raja téh engeuh ieu pa adu omong téh moal anggeus-anggeus. Akhir na Raja téh
mutuskeun, yén Putra Mahkota na dititah nyiar naon éta agama nu anyar téh nu
sabenerna.
Saeunggeus
dibéré paréntah ku kanjeng Raja, putra raja téh teu talangké deui langsung
brangkat ka Gunung Galunggung manggihan Raja Galunggung. Ngan Raja Galunggung
can nyaho pasti na éta agama nu anyar teh, sa ka nyaho maneh na ngarana agama
Islam, ngan sebenerna kumaha can nyaho. Trus ku Raja Galunggung teh nitah
manggihan Raja naga di Cirebon.
Trus
putra raja teh ngajujug ka cirebon manggihan Raja Naga, ngan hanjakal Raja Naga
géh can pasti ngartina ka Agama Islam nu sabenerna. Éta Raja Naga nitah ka
putra raja sina manggihan Bujangga di Gunung Jati.
“aya
naon andika putra né Raja Sunda daék datang ka nu réot ieu ? “ tanya Bujangga
Gunung Jati.
“pamaksadan
kaula sareng adi kaula kadieu téh, hayang nyaho tentang agama nu anyar nyaéta
agama Islam. Ngan kaula hayang nyaho Islam nu sabenerna” jawab Putra raja sunda
téh. Da mémang ieu putra raja sunda téh datang ka Gunung Jati jeung adi na nu
awéwé.
“oh
kitu, .... anaking .... Islam nu sabenerna téh aya na di Nagri Arab breh na di
daérah Mekkah. Ngan mun hidep rék kaditu wayahna éta adi hidep nu awéwé kudu
asup ka batu cincin ieu, sabab na mah mun diditu téa teu menang awéwé lalampahan
sembarangan” carita Bujangga Gunung Jati téh.
“Piraku
Rama Bujangga adi kaula bisa asup kana batu cincin?” ceuk Puta Raja Sunda
ngarasa ahéng.
“ulah-ulah
adi hidep..... gunung bae nu sakitu gedé na géh asup ka batu cincin ieu” ceuk
Bujangga Gunung Jati bari ngékéh seuri.
Sup
baé éta Bujangga Gunung Jati téh ngasupkeun Putri Raja Sunda kana Batu cincin
trus diserehkeun ka Putra Raja Sunda.
“anaking
.... bawa ieu cincin téh ..... geura téang mun geus panggih geura diajar sing
bener trus bawa tah kadieu Islam nu sabenerna. .... adi hidep bakal kaluar ti
batu mun aya nu rek ngalamar .... ngan poma ulah di paksa.... jaga isuk ning
pagéto adi maneh téh bakal dilamar ku raja, ...... ngan sakitu anaking sok
ayeuna geura miang siar éta Islam nu sajati, sajati ning ilmu” ceuk Bujangga
Gunung Jati.
Trus
bae ieu Putra Raja Sunda téh milampah ka nagri arab bade milari Islam nu
sajati, sajati ning ilmu.
2
Aya
hiji karajaan ngarana karajaan Israél, Raja Israél téh kakarak pisan di
tinggalkeun ku pamajikan nana, pamajikan Raja Israél teh ninggal alatan geuring
kacida ripuhna. Raja Israél téh kacida sedih na, saban poe ngan ukur ngalamun. Ampir
poho yén maneh na téh raja, poho ngurusan rakyat na.
Nempo
Raja na keur nalangsa, penaséhat kerajaan nu kabeneran maneh téh kaka na Raja
Israél hariwang jeung wa’as.
“cing
atuh ari kasedih téh ulah kamalinaan teuing, karunya ka rakyat!.... mending géh
nyiar deui pipamajikan téh ..... méh anjeun jongjon bisa ngurusan rakyat jeung
karajaan” ceuk penaséhat.
Raja
Israel asa dihudangkeun tina ka sedihan na, trus baé manggil para patih
karajaan. Raja nanyaan para patih na kumaha ka ayaan karajaan sa bada masa
berkabung na raja.
“para
patih sakabéh ...... kaula boga kahayang !!..... hayang nyiar pamajikan nu
anyar!!! .... ngan éta pipamajikanneun kaula kudu sarua jeung almarhum
pamajikan kaula nu tos ninggal” Raja Israél carita ka para patih na.
“ngadéngé
béja mah, éta pipamajikaneun téh aya di Mekah di jero batu ...... geura susul
ku maraneh para patih ..... tanyakeun daék apa heunte manéh na jadi pamajikan
kaula jeung naon baé syaratna” parentah Raja ka para patih na.
Deregdek
bae para patih téh muru ka Mekah rék nyiar pipamajikaneun Raja. Sa eunggeus
ider-ideran nyiar éta awéwé, akhir na patih téh papanggih jeung Putra Raja
Sunda nu keur milampah balajar Islam di Mekah.
“aya
naon andika para punggawa karajaan ider-ideran ka tempo na ku kaula” ceuk Putra
Raja Sunda nanya para patih karajaan.
“kami
téh keur ngalaksanakeun tugas ti raja kami!!! ..... kami dititah nyiaran
pipamajikaneun raja kami.... ngan aya na dina jero batu” jawab para patih.
“ohhh
..... meureun ari kitu mah éta téh adi kaula..... sok baé ditanya, ngan ulah
dipaksa” ceuk Putra Raja Sunda bari tuluy ngaluarkeun adi na tina batu cincin.
Tuluy para patih téh nanyaan ka Putri Raja Sunda. Putri Raja Sunda nyanggupan
ngan aya syarat na yaéta hayang boga anak lalaki, anak lalaki éta téh bakal
balajar Islam nu sabenerna jeung terus nyebarkeun élmu na di taneuh Bapak Kolot
na.
Saeunggeus
dibéjakeun syarat na, éta para patih pulang ka karajaan nana rék méré béja ka
Raja na. Raja bungaheun ngadéngé kabar pibungaheun ieu. Trus manéh na nitah
penasehat karajaan ngalamar éta Putri Raja Sunda.
Akhirna
Raja Israél téh nikah jeung Putri Raja Sunda. Saeunggeus nikahkeun adi na jeung
Raja Israél ieu Putra Raja Sunda téh pulang ka lemburna, da diajar Islam na
geus bérés trus rék diamalkeun di lemburna.
Singkat
carita Raja Israél jeung Putri Raja Sunda téh boga anak lalaki, dibéré ngaran
Radén Ahmad. Radén Ahmad téh budak na kasép tur pinter.
Ayeuna
Radén Ahmad téh geus gédé, geus anggeus belajar élmu kanuragan jeung
pamaréntahan. Nempo Radén Ahmad téh, Raja Israél kaingeutan kana jangji manéh
na ka Putri Raja Sunda pamajikannana.
“anaking
Raden Ahmad.....” ceuk Raja Sunda nyalukan anak na
“anaking
téh ayeuna geus gédé, kaula inget kana jangji kaula ka indung manéh.... yén
manéh mun geus gédé kudu balajar agama Islam..... Islam nu sabenerna..... Islam
nu sajati, sajati na ning ilmu...” carita Raja Israél ka anak na.
“muhun
kanjeng rama, kaula géh hayang balajar agama Islam...... ngan kaula mah embung
balajar ti nu séjén..... kaula mah hayang balajar ti nu boga na ilmu agama
Islam, Islam sajati, sajati na ning Ilmu........ Kaula téh hayang balajar na
langsung ti Allah nu ngabogaan Ilmu nu sajati” tembal anak Raja Israél.
“sakalian
kanjeng rama, kaula ménta widi ka kanjeng rama....... kaula rék milampah nyiar
dimana tempat na Allah” tambah Raden Ahmad.
“heug
atuh anaking.... ku kaula diwidian.... geura téang dimana tempat na Allah....
geura diajar.... mun geus bérés geura sebar tah élmu téh di taneuh bapak kolot
manéh di jawa”
Saeunggeus
ménta idin ka ema na, deureugdek baé Radén Ahmad téh berangkat nyiar di mana
tempat na Allah.
Saeunggues
lila lalampahan, Raden Ahmad tepi ka pulo jawa. Manéh na papanggih jeung Raja
Galunggung. Ditanya Raja Galunggung ku radén Ahmad dimana tempat na Allah.
Ditanya kitu Raja Galunggung gideuk teu nyaho, maneh na anggur nitah Raden
Ahmad manggihan Raja Naga di Cirebon.
Teu
dililakeun deui, éta Raden Ahmad ngajugjug ka Cirebon rék manggihan Raja Naga.
Trus papanggih jeung Raja Naga téh, saking geus capéna, Raden Ahmad téh maksa
ka Raja Naga titah pang nunjukeun di mana tempat na Allah.
Raja
Naga marah, asa dilalaworakeun ku budak ngora kénéh. Trus Raden Ahmad ieu
disabet ku buntut naga. Raden Ahmad ngancleng nepi ka langit ka tujuh.
Dilangit
ka tujuh, Raden Ahmad papanggih jeung aki-aki make tungkeud dibaju rombeng,
ngahudangkeun Raden Ahmad nu masih jalalangar mantas disabet ku buntut naga.
“aya
naon anaking incu Raja Sunda téh umprak ampruk ka dieu” tanya aki-aki.
“kaula
téh tas disabet ku buntut naga, pedah kaula maksa hayang di panunjukeun dimana
tempat na Allah” tembal Raden Ahmad.
“anaking.....
Allah téh ngan hiji, tapi wujudna aya dimana-mana.... Islam téh hate-Na......
Al qur’an téh cacarekan jeung carita-Na..... kabeh téh sabenerna mah aya
dipapada manusa nu weruh.... “ carita aki-aki ka Raden Ahmad.
“ayeuna
na mah jig geura turun.... Allah geus aya di manéh .... geura turun di Gunung
Jati.... panggihan sinuhun Bujangga Gunung Jati..... trus téang ua manéh di
Tulungagung keur ngajar ngaji.... ajak ua manéh balik ka taneuh sunda” tambah
aki-aki nu make baju rombéng téh.
Raden
Ahmad téh trus turun di Gunung Jati, manggihan Bujangga Gunung Jati. Saeunggeus
nyaritakeun kabéh pamanggih na Raden Ahmad menang lalandihan Radén
Hidayatullah. Teu lila Radén Ahmad pamit rék manggihan ua na di Tulungagung
trus rék diajak balik ka taneuh sunda.
3
Lila
ditinggalkeun ku anak na, Putri Raja Sunda téh sono ka Raden Ahmad. Trus baé
Putri Raja Sunda téh ngomong ka salaki na Raja Israél.
“kakang
Raja..... ieu anak urang téh geus lila lalampahan na ..... teu nyaho kabar na
kumaha ..... naha urang teu sono ka anak urang téh” ceuk Putri Raja Sunda ka
salaki na.
“kaula
géh sono ..... hayu atuh urang susul .... kaula géh hayang manggihan mitoha....
tapi kaula rék ngabérésan urusan karajaan.... “ Jawab Raja Israél.
Saeunggeus
bébérés urusan karajaan Raja Israél jeung pamajikanna brangkat ka jawa. Raja
Israél téh turun di lembur Rancailat, trus ngarobah ngaran jadi Syeh Banon.
Nyahoeun
bapak na aya di Ranca Ilat, Radén Ahmad nyusul manggihan bapak jeung ema na.
Saeunggeus sosonoan, Radén Ahmad carita yén manéh na menang tugas jeung amanat
dititah ngabrugbrak leuweung. Dititah nyieun tempat na para raja paranggih,
Bale na Raja jeung sakalian tempat ngumpul Balad na Raja.
Teu
make bulan-bulan, Radén Ahmad ngabrugbrak hiji leuweung dibaturan ku Ki Rawing,
Radén Said Sanjaya masih dulur kénéh jeung Radén Ahmad, Ki Bayu Rékso.
Keur
jongjon gagawé, datang Raja Sunda nyaba saeunggeus manggihan minantu na jeung
anak na di Ranca Ilat. Raja Sunda téh carita ka incu na, yén karajaan sunda keur
ripuh. Aya patih khianat rek ngarebut tahta karajaan sunda jeung rék ngarebut
pamajikanna raja sunda. Pamajikan raja sunda téh nu teu lain Nini na Radén
Ahmad.
Saeunggeus
cacaritaan, Raja Sunda jeung Radén Ahmad mutuskeun ngeureunan pagawean na.
Tempat nu dibangun téh tadi rék disebut lembur awal, kulantaran aya masalah di
karajaan sunda jeung deui bisi aya balayi ka kabéhan diganti ngaranna jadi
IWUL.
Trus
Raja Sunda ngomong deui, yén manéh na rék ngahiang bareng jeung karajaan Sunda
géh milu ngahiang. Kumaha Bale na Raja nu keur dibangun téh, ceuk raja sunda
Bale na Raja géh milu ngahiang. Ngan bale na raja bakal dibangun deui sa acan
karajaan sunda balik deui tina hanca na.
Akhirna
Radén Ahmad nugaskeun Ki Rawing keur ngajaga bakal nu jadi Bale na Raja. Radén
Ahmad trus balik deui ka Cirebon jeung Radén said Sanjaya.
4
Lila
saeunggeus Raja Sunda ngahiang, kira-kira tahun 12 saka. Radén Ahmad maréntahkeun
Radén Said Sanjaya manggihan Ki Rawing jeung Ki Bayu Rekso. Trus dititah
ngabangun deui bale na raja, tempat ngumpul para utusan karajaan anak incu na
Raja Sunda.
Radén
Said Sanjaya dibaturan ku Ki Alimudin jeung Ki Manikmaya Blambangan nyampeuran
Ki Bayu Rekso, trus manggihan Ki Rawing nu masih kénéh ngajaga tempat nu bakal
dijieun Bale na Raja.
Mimiti
dibangun téh pasar, trus tempat istirahat para sinuhun, tempat lalayaran,
tempat para prajurit jeung tempat para dayang karajaan.
Saeunggeus
bérés kabéh, ku Radén Said Sanjaya téh ieu tempat di aranan BALERAJA.
5
Tah
ngan sakitu cacaritaan sasakalan Balaraja, meureun ari ceuk nu bodo mah nulis
Baleraja ku tulisan hanacaraka ato tulisan arab. Pan tulisan hanacaraka jeung
arab mah euweuh aksara e pepet.
Jadi
we dibaca na BALARAJA lain Baleraja.
Ieu
mah mung dongeng ti jelama bodo bari ngawadul, tong pati teuing dipaliré anggap
bae dongeng.
Nuhun.
Komentar
Posting Komentar